Selamat Datang
image

Abu Zahra

022-2000429 081220891192 083829417557


Allah 'azza wa jalla berfirman: Sesungguhnya ajaran (yang diterima) di sisi Allah adalah Islam. Rasulullah berkata: Islam itu tinggi dan tidak ada ajaran yang mengungulinya. Imam 'Ali as berkata: Islam adalah jalan yang paling terang.
Kategori

Saha Imam-imam Anjeun?

Upami jalma maot, anu dikurebkeun di lebet taneuh aya tilu; rohna, jasadna sareng qarîn (rencangna anu nyarengan anjeunna nalika hirup di dunya). Urang sadaya bakal dikurebkeun dina kaayaan maot sedengkeun qarîn urang dikurebkeun dina kaayaan hirup.

Di lebet kubur, roh urang bakal dilebetkeun dugi kana palangkakan, teras urang dicalikkeun ku dua malaikat Munkar sareng Nakîr, lajeng aranjeunna masihan patakotan. Ti antawis anu bakal ditaroskeun nyaeta “Saha imam-imam anjeun?” Upami urang tiasa ngawaler naon-naon anu ditaroskeun, tangtos urang bakal salamet, tapi upami teu tiasa atanapi lepat dina ngawalerna, urang bakal cilaka. Ku jalaran kitu, ummat Islam wajib kenal ka para imamna, dina bab ieu bakal dibahas perkawis imam-imam urang sadaya.

Khilâfah
Khilâfah atanapi imâmah nyaeta kapamingpinan Islam sacara teokratis sabada nubuwwah (kanabian). Dina Islam anu suci, perkawis kapamingpinan ngarupikeun perkawis ushûluddîn (poko-poko ajaran Islam). Sareng nu dimaksad ku khilâfah atanapi imâmah nyaeta kapamingpinan Islam sabada Rasûlullah saw wafat. Sareng jalma-jalma anu dipilih Allah ‘azza wa jalla tur dipikarido ku Anjeunna kanggo pamingpin ummat manusa sabada Rasûlullâh saw dipaparin gelar imâm atanapi khalîfah.

Satiap jalma, wajib kenal sareng nuturkeun para khalîfah pilihan Allah ‘azza wa jalla, dilantarankeun khilâfah atanapi imâmah (kapamingpinan sabada kanabian) ngarupikeun terasan tina risâlah (karosulan) atanapi nubuwwah, sareng sing saha anu teu nampi khilâfah anu dipilih sareng dipikarido ku Allah, hukumna sami sareng nolak kana kanabian Muhammad saw, sareng jalma anu teu kenal ka imamna, maotna bakal sapertos maot jâhiliyyah (kaum anu kacida bodona) sakumaha disebatkeun dina hadîts-hadîts di handap ieu.

قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ آلِهِ وَ سَلَّمَ : يَا عَلِيُّ مَنْ قَتَلَكَ فَقَدْ قَتَلَنِي, وَ مَنْ أَبْغَضَكَ فَقَدْ أَبْغَضَنِي, وَ مَنْ سَبَّكَ فَقَدْسَبَّنِي, لِأَنَّكَ كَنَفْسِي, رُوْحُكَ مِنْ رُوْحِي وَ طِيْنَتُكَ مِنْ طِيْنَتِي. إِنَّ اللهَ تَبَارَكَ وَ تَعَالَى خَلَقَنِي وَ إِيَّاكَ, وَ اصْطَفَانِي وَ إِيَّاكَ, وَ اخْتَارَنِي لِلنُّبُوَّةِ وَ اخْتَارَكَ لِلْإِمَامَةِ, وَ مَنْ أَنْكَرَ إِمَامَتَكَ فَقَدْ أَنْكَرَ نُبُوَّتِي, يَا عَلِيُّ أَنْتَ وَصِيِّي وَ أَبُو وَلَدَيَّ, وَ زَوْجُ ابْنَتِي وَ خَلِيْففَتِي عَلَى أُمَّتِي فِي حَيَاتِي وَ بَعِدَ مَوْتِي, أَمْرُكَ أَمْرِي وَ نَهْيُكَ نَهِيِي. أُقْسِمُ بِالَّذِي بَعَثَنِي بِالنُّبُوَّةِ وَ جَعَلَنِي خَيْرَ الْبَرِيَّةِ, إِنَّكَ لَحُجَّةُ اللهِ عَلَى خَلْقِهِ وَ أَمِيْنُهُ عَلَى سِرِّهِ وَ خَلِيْفَتُهُ عَلَى عِبَادِهِ

Rasûlullâh saw ngadawuh, “He ‘Ali, sing saha jalma anu mateni anjeun, saestuna manehna mateni abdi, sing saha nu benci ka anjeun, saestuna manehna geus benci ka abdi, sareng sing saha anu nyela anjeun, saestuna manehna geus nyela abdi, jalaran anjeun sapertos diri abdi, roh anjeun ti roh abdi, asal kajantenan anjeun tina asal kajantenan abdi. Saestuna Allah tabâraka wa ta‘âlâ (anu maha berkah sareng maha luhur) parantos nyipta abdi sareng anjeun, oge milih abdi sareng anjeun. Anjeunna parantos milih abdi kanggo kenabian sareng milih anjeun kanggo imâmah (kapamingpinan sabada kanabian). Sing saha anu ingkar kana imâmah anjeun, saestuna manehna geus ingkar kana kanabian abdi. He ‘Ali! Anjeun washi abdi (nu nampi wasiat abdi), anjeun bapa kanggo dua anak abdi (Hasan sareng Husain as), caroge putri abdi (Fâthimah as) sareng khalîfah abdi kanggo ummat abdi dina waktos hirup abdi sareng sabada maot abdi. Parentah anjeun parentah abdi sareng larangan anjeun larangan abdi. Abdi sumpah demi Pangeran anu parantos ngutus abdi ku nubuwwah sareng ngajantenkeun abdi sahade-hade makhluk, saestuna anjeun eta hujjah Allah ka makhluk-Na, kapercayaan Anjeunna dina rasiah-Na sareng khalîfah-Na ka hamba-hamba-Na.”  

    قَالَ رَسُولُ اللهِ ص : مَنْ مَاتَ وَ هُوَ لاَ يَعْرِفُ إِمَامَهُ مَاتَ مِيْتَةً جَاهِلِيَّةً

Rasûlullâh saw nyarios, “Sing saha anu maot sedengkeun manehna teu kenal ka imamna, tangtos manehna maot sapertos maot jâhiliyyah.” 

    قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ : مَنْ مَاتَ بِغَيْرِ إِمَامٍ مَاتَ مِيْتَةً جَاهِلِيَّةً

 Rasûlullâh saw nyarios, “Sing saha anu maot tampa imam, tangtos manehna maot sapertos maot jâhiliyyah.” 
   
    قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ آلِهِ : مَنْ بَاتَ لَيْلَةً لاَ يَعْرِفُ فِيْهَا إِمَامَ زَمَانِهِ مَاتَ مِيْتَةً جَاهِلِيَّةً

Rasûlullâh saw nyarios, “Sing saha anu aya di hiji wengi anu manehna teu kenal ka imam zamanna, tangtos manehna maot sapertos maot jâhiliyyah.” 

Pilihan Imâm atanapi Khalîfah
Lajeng imâm atanapi khalîfah pilihanana nyaeta  sakumaha para nabi sareng para rasûl, aranjeunna dipilih tur ditangtoskeun ku Allah ‘azza wa jalla, aranjeunna teu dipilih sarta teu ditangtoskeun ku ummat manusa; naha ngalangkungan musyawarah mufakat, atanapi dipilih ku hiji lembaga, atanapi dumasar kana pilihan hiji jalma atanapi dipilih ku ummat manusa sacara demokratis.

Dina kitab suci Al-Quran, aya sababaraha ayat anu nyebatkeun kriteria para imâm atanapi khalîfah kanggo ummat manusa.

    وَ إِذِ ابْتَلَى إِبْرَاهِيمَ رَبُّهُ بِكَلِماتٍ فَأَتَمَّهُنَّ قَالَ إِنِّي جَاعِلُكَ لِلنَّاسِ إِمَامًا قَالَ وَ مِنْ ذُرِّيَّتِي قَالَ لاَ يَنَالُ عَهْدِي الظَّالِمِينَ

Sing inget nalika Ibrâhîm diuji ku Pangeranna ku sababaraha kalimah (ngaran jalma), tuluy manehna nyampurnakeunana. Anjeunna ngadawuh, Saestuna Kula bakal ngajadikeun anjeun imam keur ummat manusa. Manehna nyarita, Sareng ti katurunan abdi. Anjeunna ngadawuh, Jangji Kula ieu moal dibikeun ka jalma-jalma anu dolim.

Sababaraha kalimah, nyaeta jenengan jalma-jalma suci: ‘Ali, Fâthimah, Al-Hasan sareng Al-Husain. Lajeng anjeunna nyampurnakeunana : Nyebatan salapan urang deui ti dzurriyyah (katurunan) Al-Husain: ‘Ali bin Al-Husain, Muhammad bin ‘Ali, Ja‘far bin Muhammad, Mûsâ bin Ja‘far, ‘Ali bin Mûsâ, Muhammad bin ‘Ali, ‘Ali bin Muhammad, Al-Hasan bin ‘Ali sareng Al-Mahdi as.

Ayat di luhur parantos negeskeun yen Allah bakal ngajantenkeun imam-imam ti sapalih katurunan Ibrâhîm as. Sareng imam-imam anu ku Allah dipikarido eta teu dolim; boh ka dirina nyalira boh ka nu sanes. Tegesna mah para imam teh kedah ma‘shûm (henteu ngalakukeun dosa-dosa sareng kalepatan).

    وَ نُرِيدُ أَنْ نَمُنَّ عَلَى الَّذِينَ اسْتُضْعِفُوا فِي الأَرْضِ وَ نَجْعَلَهُمْ أَئِمَّةً وَ نَجْعَلَهُمُ الْوَارِثِينَ

Jeung Kami rek mere kurnia ka manusa-manusa anu ditindes di bumi, jeung Kami bakal ngajadikeun maranehna imam-imam jeung Kami ngajadikeun maranehna ahli waris. 

Dina eta ayat, Allah ‘azza wa jalla jangji bade maparin kurnia ka jalma-jalma anu didoliman di bumi sareng ngajantenkeun aranjeunna imam-imam kanggo sadaya ummat manusa sareng ngajantenkeun aranjeunna salaku ahli waris, nyaeta anu ngawaris paham sareng elmu Rasûlullâh saw.

    وَ جَعَلْنَا مِنْهُمْ أَئِمَّةً يَهْدُونَ بِأَمْرِنَا لَمَّا صَبَرُوا وَ كَانُوا بِآيَاتِنَا يُوقِنُونَ

Jeung ti antara maranehna, Kami ngajadikan imam-imam, maranehanana mere pituduh ku ajaran Kami, lantaran maranehna geus salabar jeung yakin kana ayat-ayat Kami.
 
    وَ جَعَلْنَاهُمْ أَئِمَّةً يَهْدُونَ بِأَمْرِنَا وَ أَوْحَيْنَا إِلَيْهِمْ فِعْلَ الْخَيْرَاتِ وَ إِقَامَ الصَّلاةِ وَ إِيْتَاءَ الزَّكَاةِ وَ كَانُوا لَنَا عَابِدِيْنَ

Jeung Kami ngajadikeun maranehna imam-imam anu nuduhkeun ku ajaran Kami, jeung Kami ngawahyukeun (ngailhamkeun) ka maranehna pikeun ngalakukeun kahadean-kahadean, ngadegkeun shalat jeung ngaluarkeun zakat. Jeung ka Kami maranehna ngabdi. 

    وَ لَقَدْ أَرْسَلْنَا نُوحًا وَ إِبْرَاهِيْمَ وَ جَعَلْنَا فِي ذُرِّيَّتِهِمَا النُّبُوَّةَ وَ الْكِتَابَ فَمِنْهُمْ مُهْتَدٍ وَ كَثِيْرٌ مِنْهُمْ فَاسِقُوْنَ

Jeung saestuna Kami geus ngutus Nûh jeung Ibrâhîm, jeung Kami geus ngajadikan dina katurunan aranjeunna kanabian jeung Al-Kitâb, ti antara maranehna aya anu narima pituduh jeung ti antara mara-nehna loba anu fâsiq.

Sadaya ummat manusa---henteu diragukan deui—yen aranjeunna eta katurunan para nabi, katurunan jalma-jalma suci sareng dzurriyyah jalma-jalma pilihan Allah, naha ti dzurriyyah Nabi Nûh as, Nabi Ibrâhîm as atanapi ti nabi-nabi anu sanesna. Anu pasti ti katurunan Ãdam as  sakumaha anu didawuhkeun ku Rasûlullah saw yen sadaya jalma ti Ãdam sareng Ãdam tina taneuh.

Dumasar kana ayat di luhur sareng sacara nyatana yen katurunan para nabi eta aya anu shâlih (soleh) sareng aya anu thâlih (lawan tina soleh); aya anu nampi bebeneran sareng aya anu nolakna malah dina eta ayat ditetelakeun wa katsîrun minhum fâsiqûn.

Jumlah para Khalîfah Rasûlullâh saw
Jumlah aranjeunna anu dijantenkeun imam tur dipikarido ku Allah ‘azza wa jalla sadayana ada dua belas jalma ti kawit Nabi saw dugi ka dinten kiamat, sareng sadayana ti Quraisy.

قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ : لاَ يَزَالُ هَذَا الدِّيْنُ قَائِمًا حَتَّى تَقُومَ السَّاعَةُ أَوْ يَكُونَ عَلَيْكُمْ اثْنَا عَشَرَ خَلِيْفَةً كُلُّهُمْ مِنْ قَرَيْشٍ

Rasûlullâh saw sasauran, “Ajaran (Islam) ieu bakal teras aya dugi ka ngadegna sa‘at (kiamat) atanapi lumaku ka aranjeun (he ummat Islam) dua belas khalîfah anu sadayana ti Quraisy.” [HR Muslim] 

Para khalîfah Rasûlullâh saw anu dua belas eta ti Quraisyna ti banî saha? Sareng kumaha upami ummat Islam teu ngawilâyah ka aranjeunna?
 
قَالَ أَمِيْرُ الْمُؤْمِنِيْنَ عَلَيْهِ السَّلاَمُ : إِنَّ الأَئِمَّةَ مِنْ قُرَيْشٍ غُرِسُوا فِي هَذَا الْبَطْنِ مِنْ هَاشِمٍ لاَ تَصْلُحُ عَلَى سِوَاهُمْ وَ لاَ تَصْلُحُ الْوُلاَةُ مِنْ غَيْرِهِمْ

Amîrul Mu`minîn as parantos nyarios, “Saestuna para imâm eta ti Quraisy, aranjeunna parantos dipelak dina lambut ieu (katurunan) ti Hâsyim, moal bakal beres (khilâfah) upami sanes aranjeunna sareng moal bakal maslahat para wali (pamingpin) upami sanes ti aranjeunna.” [Nahjul Balâghah]

Data-data para Khalîfah
Data-data para khalîfah Rasûlullâh saw ti sababaraha ayat Al-Quran sareng sababaraha katerangan nu kasebat di luhur, nyaeta  sakumaha di handap ieu.

1.    Aranjeunna ti dzurriyyah atanapi katurunan Nabi Ibrâhîm as anu teu fâsiq sareng teu zhâlim.

2.    Kagungan sifat ‘ishmah (potensi sae) anu kiat dugi ka henteu ngalakuleun dosa-dosa.

3.    Diatik ku kapeurih sareng dijantenkeun mustadh‘af (hirup ditindes ku jalma dolim).

4.    Ngawaris elmu sareng paham Rasûlullâh saw, sareng aranjeunna teu pernah guguru ka jalma sanes, iwal nyandak elmu-elmuna ti ramana sacara langsung, malih tokoh-tokoh anu sanes anu guguru ka aranjeunna sapertos Abû Hanîfah (imam madzhab hanafi) sareng Mâlik bin Anas (imam madzhab mâlikî) aranjeunna pernah guguru ka salah sawios ti imam anu dua belas anu sazaman sareng aranjeunna.

5.    Masihan pituduh ka ummat (manusa sareng jin) ku pituduh Allah, henteu ku ijtihâd, sabab aranjeunna sanes para mujtahid.

6.    Jumlah aranjeunna dua belas khalîfah (itsnâ ‘asyara khalîfah) kanggo kurun waktos ti kawit Rasûlullâh saw dugi ka dinten ditiup sangkakala ku malak Isrâfîl as (kiamat). Wafat anu kahiji langsung diteraskeun ku anu kadua, wafat anu kadua diteraskeun ku anu katilu sareng kitu saterasna.

7.    Aranjeunna ti Quraisy ti Banî Hâsyim, sanes ti banî Umayyah.

Jenengan-jenengan Aranjeunna
Dina kitab Yanâbi‘ Al-Mawaddah anu diserat Al-Qandûji---salah sawios ulama hadîts anu dina perkawis fikih madzhabna hanafi---disebatkeun jenengan-jenengan para khalîfah anu dua belas, nyaeta riwayat ti Mujâhid ti Ibnu ‘Abbâs ti Rasûlullâh saw. 

Di handap ieu disebatkeun kunyah- na, nyaeta jenengan anu dikawitan ku Abû..., Abâ..., atanapi Abî..., jenengan anu mulyana sareng jenengan laqab (gelarna), taun lahirna sareng taun wafatna; taun hijrahna sareng masehina:

1.    Abû Al-Hasan ‘Ali bin Abî Thâlib as, gelarna anu kasohor Al-Murtadhâ, Amîrul Mu`minîn atanapi dina sûrah Yâsîn anjeunna disebat Imâm Mubîn, anjeunna dilahirkeun ping 13 Rajab taun 23 seteuacan Nabi saw hijrah (25 Mei 600), wafat kaping 21 sasih Ramadhân taun 40 hijrah (28 Januari 661).

2.    Abû Muhammad Al-Hasan bin ‘Ali, gelarna Al-Mujtabâ, dilahirkeun kaping 15 sasih Ramadhân taun 3 hijrah (1 Maret 625), wafat kaping 7 Shafar taun 50 hijrah (6 Maret 670).

3.    Abû ‘Abdillâh Al-Husain bin ‘Ali, gelarna Al-Syahîd, dilahirkeun kaping 3 Sya‘bân taun 4 H (8 Januari 626), wafat kaping 10 Al-Muharram taun 61 hijrah (10 Oktober 680).

4.    Abû Al-Hasan ‘Ali bin Al-Husain, gelarna Zaiul ‘Âbidîn atanapi Al-Sajjâd, dilahirkeun kaping 5 Sya‘bân taun 38 hijrah (6 Januari 659), wafat kaping 25 Al-Muharram taun 94/95 hijrah (31 Oktober 712/20 Oktober 713).

5.    Abû Ja‘far Muhammad bin ‘Ali, gelarna Al-Bâqir, dilahirkeun kaping 3 Shafar taun 57 hijrah (16 Desember 676), wafat kaping 7 Dzul Hijjah taun 114 hijrah (28 Januari 733).

6.    Abû ‘Abdillâh Ja‘far bin Muhammad, gelarna Al-Shâdiq, dilahirkeun kaping 17 Al-Rabî‘ Al-Awwal taun 83 hijrah (20 April 702), wafat pada 25 Syawwal taun 148 hijrah (14 Desember 765).

7.    Abû Al-Hasan Mûsâ bin Ja‘far, gelarna Al-Kâzhim dilahirkeun ping 7 Shafar taun 129 hijrah (28 Oktober 746), wafat ping 25 Rajab 183 hijrah (1 September 799).

8.    Abû Al-Hasan ‘Ali bin Mûsâ, gelarna Al-Ridhâ dilahirkeun ping 11 Dzul Qa‘dah taun 148 hijrah (29 Desember 765), wafat kaping 17 Shafar dina taun 203 hijrah (24 Agustus 818).

9.    Abû Ja‘far Muhammad bin ‘Ali, gelarna Al-Jawâd, dilahirkeun ping 10 Rajab taun 195 hijrah (8 April 811), wafat kaping 30 Dzul Qa‘dah taun 220 hijrah (25 November 835).

10.    Abû Al-Hasan ‘Ali bin Muhammad, gelarna Al-Hâdî, dilahirkeun kaping 2 Rajab taun 212 hijrah (27 September 827), wafat ping 3 Rajab taun 254 hijrah (28 Juni 868).

11.    Abû Muhammad Al-Hasan bin ‘Ali, gelarna Al-Zaki sareng Al-‘Askari, dilahirkeun kaping 8 Al-Rabî‘ Al-Ãkhir taun 232 hijrah (3 Desember 846), wafat kaping 8 Al-Rabî‘ Al-Awwal dina taun 260 hijrah (1 Januari 874).

12.    Abû Al-Qâsim Muhammad bin Al-Hasan, gelarna seueur ti antawisna Al-Mahdi, Al-Qâ`im, Al-Hujjah sareng Shâhibuz Zamân, dilahirkeun ping 15 Sya‘bân taun 255 hijrah (29 Juli 869), anjeunna masih jumeneng, tapi dina kaayaan ghaib.

Khalîfah Nabi saw anu ka-12, nyaeta imam kang-go ummat manusa di akhir zaman ieu; naha ditampi atanapi ditolak. Anjeunna ayeuna dighaibkeun Allah ‘azza wa jalla anu kasumpinganana diantos-antos, kumargi kitu anjeunna dipaparin gelar Al-Muntazhar. Rasûlullâh saw parantos nyebatkeun yen anjeunna eta bakal sumping dina sa‘at bumi ieu tos dipinuhan ku kadoliman sareng kajahatan.
   
    عَنِ ابْنِ مَسْعُودٍ قَالَ : قَالَ رَسُولُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَ سَلَّمَ : يَخْرُجُ رَجُلٌ مِنْ أَهْلِ بَيْتِي يُوَاطِئُ اسْمُهُ اسْمِي وَ خَلْقُهُ خَلْقِي فَيَمْلَئُ الأَرْضَ قِسْطًا وَ عَدْلاً كَمَا مُلِئَتْ ظُلْمًا وَ جَوْرًا

Ti Ibnu Mas‘ûd nyarios: Rasûlullâh saw parantos ngadawuh, “Bakal kaluar hiji pameget ti Ahlulbait sim kuring anu jenenganana sami sareng wasta sim kuring, sareng dedeg pangadegna sakumaha dedeg pangadeg sim kuring (atanapi akhlakna sapertos akhlak sim kuring), lajeng anjeunna minuhan ieu bumi ku kaadilan sareng bebeneran sakumaha ieu bumi tos dipinuhan ku kadoliman sareng kasasaran.” 

Imam Al-Mahdi as nyaeta katurunan ti Imam Husain as, katurunan ti putri Nabi Fâthimah Al-Zahrâ` as, katurunan Rasûlullâh saw sareng ti dzurriyyah Khalîlullâh (kakasih Allah) Ibrâhîm as.

Warta pikabungaheun (busyrâ) yen bakal munculna Imam Al-Mahdi as di akhir zaman kanggo nanjeurkeun kaadilan di sakuliah dunya eta, seueur diriwayatkeun dina kitab-kitab hadîts sacara mutawâtir (beja anu teu tiasa dibohongkeun margi seueur pisan anu ngariwayatkeun); boh dina kitab-kitab anu umum (anu ngalangkungan jalur sobat Nabi saw) boh anu khusus anu diriwayatkeun ti kulawarga Rasûlullâh saw. Janten urang sadaya sing iman kana khilâfah anu parantos ditartibkeun ku Allah, sareng poma ulah nolakna bilih maot sapertos maotna kaum jâhiliyyah!

Sareng perkawis para khalîfah atanapi para imam ieu, dina hiji sa‘at bakal ditaroskeun ka urang sadaya, nyaeta upami urang parantos dikubur, dua malaikat Allah ‘azza wa jalla Munkar sareng Nakîr as bakal sumping ka lebet kubur kanggo marios urang sadaya: Man a`immatuk? Saha imam-imam anjeun? Mugi urang tiasa ngawalerna!

Wed, 23 Apr 2014 @08:23


1 Komentar
image

Sun, 23 Nov 2014 @02:13

jqvlsjain

zJ4ClR <a href="http://stfesifhrglu.com/">stfesifhrglu</a>, [url=http://gewcguwxomcz.com/]gewcguwxomcz[/url], [link=http://gtwdczheaudc.com/]gtwdczheaudc[/link], http://hrltnniedlij.com/


Tulis Komentar

Nama

E-mail (tidak dipublikasikan)

URL

Komentar

Copyright © 2018 Abu Zahra · All Rights Reserved